"CaNgeWe" (Carita Ngeunah saha WaE)
Dongeng Ayah Dani....

Dongeng kakaren acara aqiqah anakna adi beuteung kuring.
domba sadua-dua geus dipeuncit bubuhan budakna lalaki numutkeun syarat
kudu ku dua domba. Tuluy diolah jadi pasakan anu ceuk nu beuki mah nya
ngeunah we, sanajan ceuk kuring mah ah teu ngeunah teu sing sabab kuring
mah memang teu beuki daging domba. Kocapkeun carita, waktuna dahar
bareng ngabarak dina tepas bareng jeung kulawarga katut tatangga
nu kabeneran aya. Katembong sarerea dalahar mani ngalimed kawantu waktu
dahar teh wanci tengah poe meujeuhna lapar naker. Ninggang di kuring
mah dahar teh sarua ari ni'matna mah ngan bedana kuring mah henteu
ngadahar daging domba tea, beda jeung batur nu tup top sababaraha kali
nyiuk daging domba nu rupa2 diasakanana. Salah saurang tatangga nu
kawasna nyerangkeun titatadi pok nanya ka kuring : " Pa, dupi bapa tara
kana domba..???". Teuing kunaon ngadenge pertanyaan sarupa kitu kuring
bet ngarasa kasinggung da ceuk rarasaan kuring teh normal keneh, atuh ku
kuring di jawab : "ah tara Kang, malihan teu acan kantos sakali-kali
acan...". Manehna pok deui ngomong : "Abdi mah Pa bebas, ti waktos abdi
alit keneh ge bade kana domba, hayam, manila, embe, sok komo sapi sareng
munding mah pelem pisan..." Ngadenge manehna ngomong kitu kuring reuwas
bari hayang seuri, ngabayangkeun manehna tileuleutik geus diajar rucah
kana mangrupa-rupa sasatoan. Antukna kuring ngomong bari seuri : "Naha
teu cekap ku emana barudak Kang ?, mani kedah dibantosan ku domba katut
embe sagala..???".
Hahahaha, Merdeka !!! :D
Sumber : http://www.facebook.com/dani.ramdani.334491?fref=ts
Tidak ada komentar:
Posting Komentar